Selasa, 05 April 2011

Basa Indung

      Basa Indung teh nyaeta basa nu dipake "komunikasi" sapopoe ku indung ka anakna. Basa indung urang sunda nu ilahar dipake nyaeta basa sunda. Mun ku urang dititenan, ti barang gumelar ka alam lahir utun inji dibageakeun ku basa indung, dirorok digedekeun ku basa indung, tepi ka capetang bisa nyarita diajar ku basa indung. 
     Mun urang nyoreang ka alam kurikulum 1968, bahasa anu dipake pikeun ngajar budak sakola di kelas handap khusuna urang sunda nyaeta ku basa sunda. Beda jeung alam ayeuna. Tapi naha geuning barudak anu dialajar mangsa harita jaradi jalma anu jugala kalawan mibanda tata krama jeung baroga pikiran anu perceka.       
      Dumasar kana hal eta, taya salahna lamun guru-guru di SD kelas handap ngajar budak teh make basa indung nyaeta basa anu dipikaharti ku budak, sabab dina Undang Undang Sisdiknas ge ditetelakeun  "Bahasa daerah bisa digunakan sebagai bahasa pengantar pembelajaran apabila diperlukan".
     

Tidak ada komentar:

Posting Komentar